Ku Jejen Jaelani Wargadipura
Lebah
jalan cagak, lengkah Isah ngarandeg. Panonna sajongjongan neuteup budak
nu aya dina aisanana. Katempo rada pias, bangun nu gering. Gap tarangna
dirampa, karasa rada panas. Curucud cipanonna ngalembereh. Batinna
ngageuri, atina lir katurih ku hinis kapeurih. Raga lir keuna ku
kawisaya alatan nu jadi salaki keur aya dina tega, kabengbat ku cinta nu
bahe ti awewe urang Cihonje. Lalakon imah-imahna jeung lalaki
pangreremo indung bapana bet pukah kapegat ku gogoda. Dirina nepi ka
ditundung ku nu jadi salaki. Deudeuh anaking, gerendeng atina bari
ngusapan sirah budakna. Sing sabar Nyai, hidep keur keuna ku prihatin
alatan nu ngayuga hidep keur aya dina jalan nu sasar…. Lalaunan sukuna
ngalengkah deui. Lelembutanana kumalayang ka mangsa nu pinuh ku bagja.
Enya mangsa bagja, najan kasebutna kapaksa, lila-lila mah teu burung aya
rasa cinta, lalaunan asih weningna tamplok ka lalaki nu geus ikrar jadi
salaki. Rasa bagja mimiti nyaliara, ngarandakah ngiuhan palataran raga
katresna. Hanjakal, rasa bagja teh ngan sakolepatan, lir kilat nu
ngenyay sajorelat. Nu kari ayeuna ngan ukur reueukna. Teu kasawang naha
reueuk teh bakal nyingray atawa bakal terus jadi geblegan poek. Lalaunan
leungeunna ngusap cimatana. “Badak! Badak!” Gebeg. Gigireun angkot
Cibadakeun eureun. “Cibadak, Bu?” tanya kenekna. Manehna unggeuk.
Kalacat naek. Gek diuk gigireun lalaki. Leungeunna deui-deui ngusapan
tarang budakna. “Har…, geuning Isah ieu teh….” Gebeg. Direret, beuki
ngagebeg. “Eu… geuning Kang Asep…,” tembalna rada peura, bari semu
aga-eugeu kawas nu manggih kareuwas. “Bade angkat ka mana?” “Euh…,
manawi bade ngalongok Embu…” tembalna. Bangun nu rada asa-asa rek
ngajawabna teh. “Euh…, ku kaleresan nya, na da Kang Asep ge bade
ngalongok sepuh, tos lami puguh tara dilongok….” “Euh… ari kitu Kang
Asep ayeuna teh di mana?” pokna, bangun nu rada asa-asa keneh. “Saprak
Isah nikah ge Kang Asep mah terus ngumbara ka Bandung.” Manehna
ngarenghap. Lelembutanana ngadadak kumalayang ka mangsa keur lalagasan.
Inget keneh kumaha pasini jangjina jeung lalaki panyileukanana nu ayeuna
aya gigireunana. Hanjakal pasini jangjina teh teu ngajadi alatan dirina
direremokeun ku indung bapana ka lalaki anak jugala. Alatan kabongroy
ku dunya, indung bapana tega megatkeun duriat nu jadi anakna. Teu bisa
pajar kumaha, manehna kapaksa nurut kana kahayang nu jadi kolotna.
“Putra?” ceuk Asep, bari neuteup budak na aisan. “Muhun!” tembalna laun,
kawas samar polah. “Bangun teu damang?” “Numawi…, rada panas…,” pokna,
bari nyagap tarang budakna. “Euh…, naha atuh angkat teh bet nyalira, ari
tuang raka ka mana?” “Eu… manawi…, maksad teh nuju dines ka luar
kota….” Tembalna, ngabohong. Luk tungkul. Panonna neuteup budakna nu
pias, dirina beuki samar polah. “Euh…, tos sabaraha hiji bati teh?”
“Nembe ge hiji….” “Har… geuning ancin….” ceuk Asep bari seuri. Isah ngan
ukur seuri, seuri maur. Aya niat rek wakca balaka, naon nu keur
karandapan ku dirina, susuganan ari budal mah kanyeri kapeurihna bisa
rada ngurangan. Tapi eta niat teh teu bisa kedal. Letahna asa beurat.
Beurat ku itu ku ieu. Luk tungkul, jiga nu nyumputkeun jerit atina.
Nyumputkeun ulat alum nu pinuh ku ngungun wuyung. Najan enya dirina geus
ditundung, dirina masih keneh sah pamajikan lalaki nu ngarana Dudung.
Hade goreng ge salaki, dirina kudu tetep gumusti, kudu tetep pengkuh
sumujud, kudu tetep ngajaga kahormatan nu jadi salaki. Enya, naon
mangpaatna rusiah rumah tanggana diucah-aceh. Najan enya, lalaki nu aya
gigireun dirina kungsi mikanyaah jeung dipikanyaah, tetep we ayeuna mah
geus lain-lainna deu. Dina dibejakeunana ge boa matak seuri ngera-ngera.
Najan enya lain kahayangna, lalaki nu aya gigireunana teh kungsi
dinyenyeri, boa kanyerina teh manjang alatan terus nyayang. “Ku naon,
bet sapertos nu teu damang Isah mah?” “Eu…, numawi rada rieut…” “Euh…,
biasana, upami putra teu damang, ibuna ge sok ngiring teu damang….”
Deui-deui manehna ngarenghap, beuki alum, beuki nguyung. Deudeuh
anaking…, batinna beuki ngageuri. Ku naon atuh bapa hidep teh bet
ngumbar napsu… Gusti… horeng, Kang Dudung teh mung saukur meredih amisna
asih jisim abdi. Ikrar mangsa dirapalan teh ngan saukur lalambe. Duh
Gusti… mugi Anjeun masihan kakiatan ka jisim abdi…, mugi Kang Dudung
sing enggal sadar tina laku lampahna…. Lalaunan leungeunna ngusap deui
cimatana bari terus ngusapan tarang anakna nu nyebret panas. “Eu…. Ku
naon bet nangis?” “Eu… ieu manawi, teu kiat ku rieut…,” tembalna laun
bari terus mencetan taarna. “Euh…, Pir!” ceuk Asep bari ngageroan ki
Supir. “Aya naon, manawi?” tembal Ki Supir bari angger neuteup ka
hareup. “Daek teu nganteurkeun ka Lembur Cisompet…, aeh di Cisompet
keneh ibu rama Isah teh?” “Eu…, sawios atuh Kang!” “Hih ari Isah, ti
Cibadak ka Cisompet teh tebih, kana ojeg mah kuriak ragrag, hawatos ka
putra…” ceuk Asep, daria pisan. “Ke sabaraha Pir?” “Pasihan we atuh dua
puluh lima mah…!” “Enya, asal nepi ka hareupeun imah we…!” “Ih atuh
kantenan we, Pa…!” tembal Ki Supir bari seuri. Isah ngarenghap. Reup
peureum. Lelembutanana kumalayang ka mangsa bihari, ngadon nyukcruk
lalakon nu geus lawas, ngadongkang jirim asih nu teu ngabukti. Inget
keneh basa dirina wakca balaka alatan indung bapana ngareremokeun ka
lalaki anak nu jugala, nu ayeuna keur kapengpeongan ku awewe urang
Cihonje, nepi ka luas nolas nundung dirina. “Kumaha atuh Kang?” pokna
dareuda. “Muhun, kedah kumaha deui atuh…” tembal Asep rada ngageter.
“Kasebatna ge sepuh, hade goreng ge sepuh, moal aya sepuh nyilakakeun
putrana. Matak kitu ge panginten tos katoong bagja dunya aheratna upami
Isah ngajodo sareng pameget pilihanana… Leres, rupina parantos katoong,
upami Isah ngajodo ka Kang Asep moal nyandak bagja ka sadayana….” Luk
manehna tungkul. Naon nu dikedalkeun ku Asep bieu, bet kawas nu
ngajejeleh dirina, Kawas nu ngajejeleh indung bapana. Enya, ku naon atuh
indung bapana teh bet pidunya pisan. Sagala rupana teu weleh diukur ku
baranyayna dunya. Seuneu asih nu kungsi ditiupan nepi ka hurung, bet
ngadadak kakalicesan katebak ku heabna dunya. Nu disawang asih teh baris
langgeng dina ati, behna mah ngan saukur ngalalar bari ninggalkeun
panineungan. Lamunan bagja teh ngan saukur implengan, alatan kandeg,
kasapih ku kahayang nu jadi indung bapana. Asih wening nu diimpleng bisa
ngadalitkeun dua jirim pikeun ngambah sagara rumah tangga bari
dibarengan ku jangji sapapait samamanis teh, antukna bolay alatan dirina
kapaksa kudu cidra subaya, cidra alatan kapaksa nurut ka nu jadi indung
bapana. Pruk jeung Dudung, lalaki pilihan indung bapana. Sataun dua
taun mah ngawayahnakeun maneh, najan taya tresna, tapi ku dilalanyahan,
teu burung aya rasa nyaah. Komo sanggeus salakina nempokeun kasabaranana
mah. Rasa cua saeutik-saeutik kalindih ku rasa welas, nu antukna
ngeclakeun rasa nyaah. Kembang-kembang asih, ngajadi buah nu mawa nyaah,
najan teu meuhpeuy, tapi saeutik-saeutik geus bisa nitis galih
sanubarina. Lalakon rumah tanggana geus mimiti nyaynyayan, nyaangan
jalan kahirupan jeung nu jadi salaki pangreremo indung bapana.
Mapay-mapay asih bari mipir-mipir ngeumbing tali wanci, ngotektak
kanyaah bari mapay muntang tambang mangsa, teu burung tumuwuh dina raga
nu sadrah sumerah bari dibarengan ku sumungkem masrahkeun diri. Dua
jirim mimiti ngahiji, gumulung nu antukna ngagelarkeun turunan, dina
wujud jimat pangangreud imah-imahna. Hanjakal, sanggeus turunan gelar
ngaramekeun rumah tanggana, kaasih nu dibarengan ku kanyaah, nu hese
meunang hese beleke naratas, ayeuna peunggas alatan tangkayan nu geus
jadi nyawana, kagembang ku kembang dodoja, bari ninggalkeun pisin gede
nu pinuh ku liwung wuyung marengan ati nu ngageuri. “Sah…!” Gebeg. “Tos
dugi…!” “Euh…” pokna bari ngalieuk ka palebah imah indung bapana. Bari
menerkeun aisan anakna, manehna cengkat nuturkeun Asep nu geus turun
tiheula. “Euh… Cobi eta tasna ku Akang…” ceuk Asep. “Lah, sawios… da teu
abot…” ceuk Isah bari ngalengkahkeun sukuna. “Aeh, leres, calik heula,
Kang!” “Euh…, lah sawios…” “Calik heula, cai-cai heula…, piraku teh
bilih…” “Bilih Abah sareng Embu bendu…?” Asep unggeuk bari seuri. “Moal,
moal bendu…” tembal Isah bari imut nyumputkeun kanalangsana. “Aeh, na
bet janten ngobrol di sisi jalan, calik heula, Kang, moal-moal bendu
Abah sareng Embu mah…” Isah ngarenghap bari ngalengkahkeun sukuna
dituturkeun ku Asep. *** “Nuhun Jang Asep, parantos kersa ngajajapkeun
pun anak….” ceuk Bah Anin, daria pisan. “Euh…, sanes ngahaja jajap, mung
kaleresan we tepang dina mobil, katingal bet sapertos nu teu damang.”
tembal Asep. “Sanes sapertos deui, da memang leres nuju udur Isah teh,
gering lahir gering batin.” “Maksad Abah?” ceuk Asep, bari kerung. “Lah,
nyaeta atuh, Abah nu salah mah…. Tadina mah hayang nempo nu jadi anak
bagja, ari heg bet kalah dinyenyeri….” “Eu…, ke bet janten teu ngartos
abdi mah.” tembal Asep, beuki kerung. “Kieu saleresna mah, Jang, Abah
rumasa salah, salah pisan, ngareremokeun nu jadi anak, satadina mah
hayang nempo nu jadi anak pinanggih bagja, ari heg bet pinanggih
sangsara, lahir sangsara batin…” ceuk Bah Anin, bari ngarenghap panjang.
“Maksad Abah?” Asep beuki kerung. “Horeng, bagja teh lain ku dunya
barana….” ceuk Bah Anin, bari ngarenghap panjang. “Aeh, ari bojo Jang
Asep urang mana?” “Bojo?” tembal Asep bari seuri. “Har na kalah
gumujeng…” “Numawi Bah, abdi mah teu pajeng, saprak Isah nikah ge abdi
mah teras ngumbara ka Bandung, eta ge aya ari kahoyong mah, maksad teh
kahoyong rarabi, namung nyaeta atuh, ginggiapeun keneh…” “Ginggiapeun
kumaha ari Jang Asep?” “Numawi sok sieun dinyenyeri deui….” “Eum ah, ari
tos nyindiran teh.” tembal Bah Anin, seuri maur. “Sanes nyindiran, abdi
mah nyarios saleresna,” tembal Asep, daria pisan. “Aeh, leres, kumaha
nu saleresna rumah tangga Isah teh, Bah?” “Lah, numawi Jang, Abah teh
keuna kana paribasa, moro julang ngaleupaskeun peusing… Abah asa dosa ka
Jang Asep teh, megatkeun duriat nu jadi anak, ngudag-ngudag dunya, ari
geus laksana bet kalah nu jadi anak sangsara….” “Maksad Abah?” “Nyaeta
salakina Isah teh nyolowedor, nyeleweng ka nu sanes.” “Euh….” “Bieu ge
diguliksek, cenah ditundung….” “Ditundung?” tembal Asep, bangun nu
reuwas. Bah Anin unggeuk. “Na da ka abdi mah nyariosna carogena teh nuju
dines ka luar kota.” “Lah, nyaeta atuh, bieu ge mun teu dipaksa wakca
mah nutupan we kana kasalahan nu jadi salakina. Lah nyaeta atuh, dosa
Abah teh.” ceuk Bah Anin ,bari ngarenghap panjang, kawas nu
ngaleupaskeun bangbaluhna. “Masya Alloah…,” “Nu matak, abah mah geus
gilig, sina diserahkeun we anak Abah teh, hade goreng ge anak Abah, ari
dikakaya mah Abah teh teu suka….” “Bawiraos pangemut abdi mah, Bah,
sateuacan nyandak kaputusan kitu, langkung sae geuing heula nu janten
carogena teh, mamanawian tiasa keneh salamet rumah tanggana.” “Ari Jang
Asep, digeuing mah kurang kumaha, tapi nyaeta atuh… nu kapengpeongan ku
awewe tea, sok noyod.” “Euh…” “Nu matak, hampura Abah jeung Embu, rumasa
Abah dosa, geus megatkeun duriat Jang Asep.” “Ari Abah, sawangsulna
abdi, ulah nya kirang-kirang ngahapunten…” Bah Anin ngarenghap. Jang
Asep ngarenghap. Teu nyangka mun urut bebenena bakal nandang tunggara.
Dibabade bakal meunang bagja bet kalah meunang sangsara. Dibabade bakal
senang bari ngahenang ngahening, behna mah lalaki pilihan indung bapana
aya nu maling. Horeng hirup teh teu beda ti ngudag-ngudag kalangkang
heulang, lir ngimpi nu teu ngabukti. Neang bagja alatan dunya barana, nu
kapanggih ngan saukur wewengkon poek mongkleng alatan manusa babari
katambias kana jalan nu sasar. Cara salaki urut bebenena, nu sakuduna
jadi pananggeuhan tangtung kujur, bet poho kana kujur. Poho kana
purwadaksina, poho kumaha wiwitannana. Dunya barana nu jadi
pananggeuhanana, bet kalah mawa kana jalan nu sasar. Horeng dunya barana
mah mun teu bisa mawa jeung ngamangpaatkeunana, ngan saukur lambang
kaadigungan manusa, nu bisa mawa kana kasarakahan, antukna lengkahna
katambias, linglung teu puguh juntrung. Asep ngarenghap panjang. Panonna
neuteup Bah Anin. Deui-deui Asep ngarenghap. Ras ka Isah, hatena
ngahelas. Teu nyangka mun urut bebenena, nu ceuk manehna geulis luar
jerona, geulis lahir batinna, bet kudu nandang kanyeri ti lalaki nu
leumpeuh yuni. Gusti…, mugi Anjeun masihan kakiatan…, gerentes Asep bari
ngarenghap panjang.
Sumber: Majalah Mangle
KERETEG HATE
Cahaya
bentang pating gurilap, bulan imut ngagelenyu ninggali kuring keur diuk
di jandela kamar bari ngainghak ceurik, angina ngahiliwir karasa tiis,
peuting ieu bet meuni asa endah katempona, tapi kunaon hate kuring bet
meuni asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun, kuring haying
ngambek tapi teu bias, meureun kusabab kuring awewe jadi naluri kuring
leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan pikiran kuring,
naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu pasanggiri eta,
teu pira ngan saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh. Leuheung lamun
diulahkeunnana the mun kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek
di catwalk, kuring ge rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah
pararusing, dug sek kuring ngarungkup dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….
“Teh
gugah atos siang” kadenge sora indung kuring ngagero bari ngetrokan
panto, kuring ngaleret kana jam, “Aduh jam 05.00” kuring reuwas, henteu
biasana kuring hudang sabeurang kieu kuring nangtung tur muka panto
bari wegah mun kuring keur teu solat jeung sakola mah mereun kuring
moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha. Kuring
kaluar ti kamar tungkul bari jamedud, “Cu, kunaon bageur meuni jamedud
kitu?” pok bapa kuring nanya, kuring ngan saukur imut ngagelenyu bari
wegah, “Neng geulis, ibu mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah
sieun Neng kunanaon, apan Neng teh anak nu dipika deudeuh ku ibu sareng
bapa jadi mataksieun lamun aya nanaon mangkaning Jogjakarta teh lain
tempat anu deukeut”. Indung kuring ngadeukeutan bari ramisak ceurik, hal
anu teu bias ku kuring ditempo teh nyaeta nempo ibu jeung bapa kuring
ngaluarkeun cimata. Kuring nangkeup indung kuring tur pok ngomong “Ibu,
Neng moal ngiring upami ibu sareng bapa teu ngawidian mah, hampura Neng
tos salah paham ka ibu sareng bapa”. Kuring ngilu ceurik nginghak “Jung
cu, jung bapa sareng ibu ngawidian demi kasuksesan Neng, doa ibu sareng
bapa aya dina tiap langkah Neng”. Kuring bingah, kuring jangji moal
ngecewakeun ibu sareng bapa, kuring pasti berjuang.
* * *
Braaaak…
kadenge aya nu ngebragkeun meja “Nisaaaaa….kerjakeun soal dihareup,
ngalamun wae” kuring reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung
hareupeun kuring bari melak cangkeng, kuring karek nyadar yen tadi
kuring keur ulin ka hayalan jaman baheula basa kuring SMA, ayeuna kuring
geus jadi panulis, 3 novel jeung 1 kumpulan carpon kuring geus di
publikasikeun jeung meunang respon anu alus ti masarakat. Kuring Annisa,
umur kuring ayeuna 20 taun, kuring kuliah di salah sahiji universitas
di kota Bandung jurusan Sastra jeung Bahasa semester 4. “Nisaaa hayoh
kahareup cicing wae !” dosen kuring ngambek, kuring buru-buru ngajawab
bari tungkul sieun “Tapi pa, kuring teu acan paham” ayeuna dosen kuring
ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas “Sok, saha anu arek ngabantuan
Nisa ngerjakeun soal di hareup?” tantang dosen eta, jep sakabeh murid
jempling “Kuring Pa” ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngaleret ka tukang
wahh… saha eta anu arek ngabela kuring, aya rasa atoh dina hate kuring
sabab kuring aya nu ngabela. Sangges kajadian eta kuring jadi deukeut
jeung jalma anu ngabelaan kuring kamari, jalma eta teh ngarana Sam,
biasa di sebut kitu tapi ngaran aslina mah Samuel cenah.
Jadwal kuliah geus beres, kuring buru-buru rek balik tapi pas rek
kaluar gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede jadi kapaksa kuring
ngiuhan heula, muga we hujanna sakeudueng, “Nisa…” kuring reuwas, aya
anu nepak taktak kuring, “Eh” kuring ngereret “Ah, Sam geuning, aya
naon?” kuring bingung nempo manehna aya didieu oge, “Gak apa-apa ko Sa
he,he” manehna imut, aduh meuni lucu katinggalina, aduh kuring mikir
naon sih, entong kitu Nisa hayoh istigfar. Sam lain asli urang Sunda,
manehna katurunan Tionghoa jadi teu aneh lamun panonna rada sipit tur
kulitna bodas, manehna can rada bentes ngomong sunda jadi bahasana
sakapeung campuran, Indonesia jeung sunda. Kadenge sora adan ngumandang
kuring niat arek solat heula bari nungguan hujan, “Eh Sam, punten Nisa
bade awoh ashar heula nya ka masjid” kuring ngaleos ninggalkeun Sam anu
katempona rada bingung ngartikeun omongan kuring bieu.
Di mesjid kampus
“Assalamualaikum
wr.wb” astagfirullah, kuring ngajenghak reuwas pas salam kadua tanda
beres solat pameunteu kuring pasangrok jeung pameunteuna Sam, aduh ti
iraha budak ieu di dieu, ;’Haaah, Sam ngareureuwas” kuring ngagebug
leungeunna “Sam terang timana Nisa aya di dieu? aduh make kadieu sih ieu
budak pan ieu mah tempat khusus akhwat” kuring ngomong bari nyiwit
pipina “Aduh Nisa sakit” ceuk manehna bari ngusap pipina nau di ciwit
bieu ku kuring, kuring ngan bisa seuseurian nempo manehna nyerieun,
ha,ha.. “Nisaa kamu lagi apa tadi? Ko pake baju putih kaya pocong aja,
hi,hi” manehna nanya bari ngeleg “Ih Sam, (kuring jamedud) tadi kuring
solat, solat teh ibadah anu wajib di laksanakeun ku sakabeh umat muslim,
kin cerita lengkepna di jalan we nya isin di dieu mah seueur jalmi”
kuring jeung Sam tuluy indit kaluar. Loba pisan pertanyaan anu di
ajukeun ku manehna ka kuring soal agama, kuring malum da kuring jeung
manehna mah beda agama, agama manehna mah keristen.
Lila beuki lila kuring jadi deukeut jeung manehna, aya rasa anu beda
dina hate Lmun kuring ninggali raray na, kuring bingung rasa naon eta,
nu jelas rasa ieu hoyang pisan lamun nempo manehna bagja. Kuring
leumpang ka kelas bari ngabogaan rasa bagja, sabab rek papanggih jeung
pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu kuring teu papanggih jeung
manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di kelas, kuring lurat-leret
ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di tutungguan teh, ah meureun
can datang hate kuring ngabatin. Bet aya rasa karingrang ngarungkupan.
Kaluar ti kelas, kuring buru-buru ka kost an, jarak ti tempat kuliah ka
kost an kuring teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku leumpang.
Rencana na ti kost an kuring rek neang Sam ka imah na, sieun aya
kajadian nu teu dipikahayang nimpa ka manehna, das sms kuring teu di
bales, telepon oge teu di angkat.
Tok,tok,tok…“Punten” kuring ngetrok panto bari ngagero, kadenge panto
dibuka “Iya, eh ini Neng Nisa ya? mari masuk” ceuk nu muka panto ramah,
haaaah kuring reuwas, naha anjeunna nyaho yen kuring teh Nisa apan
kuring teu acan pernah kadie, nyaho imahna ge karek bieu ti babaturan
kuring. “Oh muhun” kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah ringrang
maratan langit, tuluy kuring asup bari olohok waah.. bener ieu teh imah
Sam aduh gede pisan subhanallah kawas istana, “Neng Nisa silahkan duduk,
sebentar bibi panggilkan dulu ibunya” oh jadi eta pembantuna, tapi
dangdananna keren kos lain pembantu, tuluy pembantu eta indit. Teu
kungsi lila, “Assalamualaikum” katinggali aya awewe saumuran indung
kuring nangtung di hareupeun kuring “Waalaikumsalam” buru-buru kuring
ngajawab “Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita tentang Nisa, katanya
Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang sekali sama Nisa, kalau Nisa
gimana sama Sam?” kuring reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah..
naha make kerudung apan keluargana Sam agamana keristen, kuring masih
keneh bingung tur ngajawab “Muhun ibu, Nis age nyaah (jawab kuring bari
lingsem) ehm, punten ibu upami Sam kamana atos 7 dinten teu lebet ka
kuliah?” ngadenge pertanyaan eta indungna Sam cicing, wah aya naon ieu
kuring sieun,rasa ringrang balik ngarungkupan kuring, aya naon? Sarebu
tanya jeung kasieun minuhan pikiran kuring. “Nisa ayo ikut ibu, ada
sesuatu yang mau ibu tunjukkan tapi ibu gak bias bilang sekarang” indung
Sam langsung nangkeup kuring, kuring teu ngarti naon maksudna tuluy
indungna pok ngomong “Terimakasih ya sayang” cimata langsung ngucur ti
mata indung Sam. Sam? kamana anjeun?
Sapaparat jalan kuring ngan bisa tungkul sabari maca kalimah kalimah
zikir, sakapeung indungna Sam nyekel leungeun kuring tanda nenangkeun.
“Nisa kita sudah sampai” kuring beunta tuluy luak lieuk kasakuriling
tempat eta, naha indung Sam ngajak kuring ka pasantren kieu, kuring
leumpang nuturkeun indungna Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji panto,
bray panto eta di buka, kuring olohok kasengsem “Sam” bener anu diuk eta
Sam? subhanallah kasep pisan, manehna make gamis jeung peci bodas meuni
rapih katinggalna, “Nisa” indungna Sam ngagupayan ngajak diuk ka kuring
tuluy indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu, manehna jeung
kulawargana ayeuna geus islam, subhanallah kuring bingah kabina bina,
saurna Sam berubah gara-gara kuring, Sam nyaah pisan ka kuring,
kulawargana ge teu nentang basa Sam mutuskeun rek asup islam malah
kulawargana ngilu asup islam.
Di taman kawasan pasantren eta kuring leuleumpangan jeung Sam, aduh
kuring teu kiceup kiceup nempo dirina subhanallah sababaraha kali kuring
ngucap kalimah eta (aduh kuring meuni sungguh terlalu ha,ha) di tengah
tengan jalan Sam ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring,
kuring asa risih di kitukeun ku manehna “Nisa ayeuna urang tos saagama,
Nisa hoyong teu jadi bidadari anu maturan hirup Sam salilana dunia sarta
aherat?” kuring lingsem tanda satuju.
Written By Pudji Anisya (Jisya Rasyid)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar