Selasa, 15 November 2011

RIWAYAT HIRUP

Jajaka Gandang Rupina....... 

Jajaka gandang rupina di lahirkeun di Ciamis 10 April 1980 tepatna di Jl. Panji Siliwangi Kampung Cilimus, Desa Indragiri Kec. Panawangan. Budak bungsu ti pasangan Bapak Adun ( Kepala Sekolah SD Indragiri II ) sareng ibu Yoyoh. Gubrag ka alam dunya dinamian DUDI SUDIRMAN. Pendidikan : SDN Indragiri IILulus tahun 1992 SMPN 1 Panawangan Lulus tahun 1995 SMUN 1 Panawangan Lulus tahun 1998 Saparantos beres SMU lembur sorangan di teraskeun ngalanglang buana ka anu rada kota, nya akhirna entreup di hiji paguron anu nelah di nangri baturmah nyaeta Bandung Islamic Univercity, nya lamun ceuk urang Ciamismah UNISBA tea . Tolab elmuteh teu pusing-pusing milih jurusan sabab ti awlana oge geus niat rek nyokot jurusan anu paling di pikaresep keur SMU keneh nyaeta Jurusan Akuntansi. Tolab elmu di UNISBA ahirna beres oge anu nyita waktu salami kirang langkung 3 tahun10 bulan. Saparantos beres kuliah teras ngawitan damel di hiji perusahaan pribumi wewengkon Bandung Timur nu namina PT. Ma'soem (2003-2005) kirang langkung 3 tauh umpami di etangmah. Saparantos di PT. Ma'soem teras ngalih damel ka rada kota ayeumah nya eta di PT. Telekomindo Primakarya (TPK) anu lokasina di Jl. Aceh No 64 Bandung, ti tauh 2005 dugika ayeuana.
Rarabi
Saparantos bubujangan anu lamina 26 tahun langkung akhirna nikah sareng Heni Angraeni sareng paturai salamina sareng Indung anu kacida mikacintan dina dinten minggu kaping 4 Desember 2006. Nyangharepan hirup anyar kuayana batur hirup sareng kaleungitan ku Indung di barengan suka jeung duka nu akhirna bisa oge diliwatan nepi ka kiwari, malahan kaping 27 Oktober 2007 Alhamdulilah ku Allah di pasihan tanggungjawab ku lahirna budak lalaki anu di namiana Haditsa Qurani Nurhakim . Alhamduliah.... ayeuna tiluan hiru di perumahan Griya Winaya Ujungberung Bandung..........
Cag sakieu heula ngadongengna...ha..ha..ha..ha... Wasalam

1 komentar:

  1. Yakin kitu bubujang teh 26 taun? Asa cang caya., bejana ti sd kelas tilu geus beubeunangan huhuuuyy

    BalasHapus